Selasa, 06 Desember 2011

UMUR BEUKI NGOLOTAN

Hiji-hiji poe daratang,tandaning umur manjangan
Beuki ngarti hartina hirup:Aya nu pasrah narima,aya nu baha
Sumpeg lamunna aral,da kanyenyerian
Ku kapeurih,ku kabalangsakan

 Hiji-hiji poe lastari tandaning umur ngolotan
 Ngarti hartina hirup:Aya nu ngagelenyu,aya nu lolongseran
Imut tandaning sadrah sumerah,da larawirang
Ngan ukur cocoban

Duh,poe nu geus lastari,mangka waluya di jalan!
masing ngolotan umurna,manusa mah taya nu satia;
Deudeuh teuing poe nu arek datang
Kuring mukakeun lawang:bagea sumping!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar